Selasa, 25 Maret 2014

Contoh Laporan Jurnalistik



Ulin Ka BJB

            Keur sawaktu kelas 3 ngalakonan US, sakola ngaayakeun study tour ka (Bandung, Jakart, Bogor). Pesertana teh barudak kelas XI, kaasup jeung urang. Study tour teh diayakeuna keur kelas 3 US pedah keur kaparengan pere, lain ku pedah pere wae, jigana beh teu ngaganggu KBM kelas XI. Soalna ari keur semester 2 teh sok loba kaganggu ku libur gangguan ku kelas XII.
            Dina poe senen malam salasa, urang mangkat ti imah kasakola teh jam 6 sore sanggeus solat maghrib. Anjog-anjog disakola teh jam satengah 7an. Keur disakola teh karumpul heula di kelas beh ke ka beusna bisa bareng bareng. Barudak karumpul disakola teh sampe jam 8, kusabab aya pendahuluan heula ti pembina osis jeung ti komiteu sakola.
<script async src="//pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js"></script>
<ins class="adsbygoogle"
     style="display:block; text-align:center;"
     data-ad-format="fluid"
     data-ad-layout="in-article"
     data-ad-client="ca-pub-8919663720210354"
     data-ad-slot="5283970441"></ins>
<script>
     (adsbygoogle = window.adsbygoogle || []).push({});
</script>
            Jam 08.30 beus karek mangkat ti sakola. Keur di jalan, kaayaan barudak dijero beus rame pisan kusabab masih keneh daerah Kuningan jeung masih keneh peuting tacan wanci tengah peuting. Basa keur macet dijalan tol, aya beus anu ngambil jalana beulah kanan. Eeeeeh teu lila teh beus nu urang ge nurutan jeun g beus nu hareupeun. Teu lila keur ngecot didinya teh, hareupeun aya POLISI anu ek nilang. Nya atuh wae beus nu ditaekan teh katilang ku POLISI. Kira-kira jam 12an keur di tol, aya mobil treuk anu nyerepet kaca spion beus nu urang teh, nya akhirna sopir nu urang teh umak amuk teu puguh ka sopir treeuk nu nyerepet beus tea.
            Kira-kira jam satengah 4an, rombongan anjog ma mesjid Istiqlal. Sanggeus anjog ka Istiqlal, langsung bae ka toilet kusabab garateul hayang mandi. Sanggeusna marandi, rombongan aya nu ka beus deui aya nu sarolat subuh. Teu pajauh jeung barudak jaman ayeuna, sanggeus solat langsung wae poto-potoan di hareupeun Istiqlal.
            Sanggeus ti Istiqlal, rombongan marangkat ka MONAS. Di MONAS teh ngan padu jalan-jalan bae, da di MONAS mah teu aya nanaon, ngan aya jalma nu keur jalan santai jeung nu keur olah raga. Di MONASna urang jeung babaturan popotoan di hareupeun MONAS tea. Didinya na teh ngan sakeudeung soalna padu nungguan Dufan dibuka.
            Sakeur na Dufan geus di buka, rombongan arasup ka Dufan. Aktifitas di Dufan ngan nongton sato anu akrobat jeung nongton Dora The Explorer tapi eta mah 4D. Pintonanna teh ngandelkeun kalucuan sato jeung pelatihna, kusabab cara pelatih ngomongna teh datar . nya jadi wae penonton teh saleuseurian ku kalakuan pelatih satona.
            Teu jauh ti Dufan aya tempat nu ngarana Ancol, kusabab tujuan salanjutna ka Ancol jadi wae si beus teh tinggal parkir ka beulah kulon saeutik. Keur di Ancol, urang jeung babaturan kelas naek sababaraha wahana anu aya di Ancol tea. Anu pangsieunna mah naek rollercoster, kusabab keur naek  rolercoster teh awak asa ringsek da awak teh diputar-puter. Lain rollercoster wae nu matak sieun teh, hiji deui nyaeta arung jeram. Arung jeram sieuna teh kusabab paur sing tikecebur kana cai da pedah sabuk pengamanna teh teu baleg atawa rusak. Aya oge wahana anu matak bosen naekna,nyaeta dunia boneka. Pedah naha? Pedah naek wahana eta teh kesel keur dijalnna, matak hayang geuwat-geuwat bijil da eusina teh padu kumpulan boneka-boneka anu garerak ku mesin. Anu hese di Ancol teh nyaeta neangan mushola jeun wc. Da jigna mushola tempatna teh dipojokan, teu apal pedah naha. Padahal mah mushola penting pikeun jama nu ek sarolat.
            Anggeus-anggeus ti Ancol, rombongan marangkat deui ek ka penginapan di daerah Bogor. Sakeurna dijalan awak urang asa garateul, dikira teh padu gateul biasa. Ari pakna teh kaligata, jigana gara-gara hawa anu tadina panas langsung kanu ti’is. Nya awak urang teh barentol totomblogan sa awak-awak. Keur dijalan teh asa teu pararuguh. Ku urang teh dipaksakeun da ek kumaha deui,nya wae langsung di kurubung ku jaket terus langsung sare na beus da kusabab teu kuat tea ku gateulna.
            Anjog-anjogna di panginepan, urang langsung mandi da geus teu kuat ku gateul. Teu lila sanggeus urang mandi, si Robi mawa bedak jang urang pikeun ngobatan awak anu gateul. Nya urang teh rada bungah saeutik, da euweuh deui obat anu lain. Sakeurna di panginepan, ceunah mah kudu kumpul ajang nonton api unggun. Aaah urang mah padu geus kadinya langsung balik deui ka kamber da kusabab tunduh jeung gateul tea.
            Isuk-iskuna, urang siap-siap rek mangkat deui ka Istana Presiden. Sanggeus anjog di Istana Presiden, rombongan langsung dikarumpulkeun di panto asup ka Istana Presiden. Keur dikumpulkeun tea, rombongan teh kaparanasan da kusabab di Bogor teh geuning ayeuna mah hawana panas teu sarua jeung julukan kota Bogor anu boga julukan Bogor kota hujan. Anu kapikiran tina eta teh hawana anu tiis, tapi patolak jeung kanyataanna anu panas. Sanggeus dikumpulekun di panto asup, urang jeng rombongan disaupkeun ka jero Istana Presdiden anu dipimpin ku salah saiji patugas ti Istana Bogor tea. Pas keur dijero Istanana, urang asa pak jenghok ku teu percaya, da arsitek jeung eusi parabotanna aralus jeung harerang. Ceunah mah karpetna teh ti daerah Rusia, lampu kristalna ti Moscow, terus lukisana meunang Afandi jeung pak Soekarno. Anu pang alusna mah, loba patung hasil karya pak Soekarno anu nampilkeun bentuk awak awewe anu teu make baju. Tapi arurang ulah nganilai anu goreng, tapi kudu nempo tina arah positifna.
            Sanggeusna ti Istana Presiden, rombongan ngalanjeutkeun perjalanan ka ITB. Di ITB teh kagiatana ngan pangarahan ti salah saiji pengurus ITB anu ngajelaskeun kumaha jeung saha bae anu bisa asup ka ITB. Dikira teh rekjalan-jalan di jero ITB, aripakna teh ngan padu cicing di aula na terus padu ngadengekeun ceramah ti pengurusna. Pas keur ngadengekeun caritana teh asa tunduh pisan, da padu ngobrol biasa henteu aya ngobrol anu make hadiah.
            Pas wanci ek maghrib karek nyampe ka alun-alun Bandung, eta teh sanggeus kagiatan ti ITB. Di alun-alunna ngan padu ngadon sholat maghrib jeung jajan meuli mie ayam, da rek balanja teh asa teu rarajeun ku jauhna leumpang, jaba tadi keur di jalan ek ka Bandungna rada lila. Sanggeusna meuli mie ayam, urang mah balik deui ka beus, da rek kamana deui. Nungguan panumpang anu lainna deui, bari maen game dina hp. Sakeurna di jero beus, loba pengamen jeung nu penjual asongan. Kusabab urang mah moal meuli anu dijual ku tukang dagang eta, urang mah nyumput di jero beus bari lampu na dipareuman. Da lamun di caangkeun mah tukang dagang teh pasti asup kana jero beus.
            Kira-kira jam satengah 9an, karek baralik ti alun-alun Bandung, anu dina jadwal mah jam 6 sore. Jiigana gara-gara telat kitu teh, basa macet keur ek ka Bandungkeun. Keur dijalanna asa carape pisan, awak asa ringsek teu puguh, anu ngeunahna sare bari numpangkeun suku kahareup. Karek ge saejam dina beus, aya budak anu ceurik tarik pisan. Ceunah mah aya anu nuturkeun manehna. Pas dicaritakeun, manehna teh keur poto-poto di hotel aya orbs anu katangkep ku kamerana. Tikeur kajadian eta, beus anu di tumpakan ku urang teh rame teu puguh ku carita budak eta. Nya guru teh kudu bisa ngendalikeun kaayaan keur harita.sanggeus kaayaan bisa kakendalikeun, nu akhirna teu aya deui sora anu pating tarembal, anu aya ge barudakna anu sarare da carapeeun.
            Sanggeus anjogna di daerah Kningan, urang langsung ngasms lanceuk urang pikeun ngajemput di hareupeun SMA. Teu lila urang ngasms, anjog wae di hareupeun SMA. Sanggeusna urang turun tina beus, lanceuk urang langsung nungguan di tukangeun beus. Anu akhirna anjog ka imah ku kaayaan salamet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar